Sabtu, 23 Maret 2013

Softskill Akuntansi Internasional

Nama :Novalina
NPM / Kelas :23209263 / 4EB07
Tugas Individu

"Carita pondok (Carpon) si Doris, Calita, Cathy jeung si Hachi"

Geus hampir 3 taun sim kuring teh ngingu ucing, ucing biasa lain anggora atawa Persia. Masing-masing boga ngaran, nyaeta Doris, Calita, Cathy jeung Hachi. Baheula mah boga ucing teh loba, aya nepi ka 8 bilatung di imah, ngan eta aya hama jadi gering terus paeh. Ku aneh na aya karesep kana ucing da baheula mah urang teh asa sieun kana ucing teh, nya meureun pedah sok sorangan di imah jadi babaturanna ngan ucing.
Hiji carita urang teh keur cicing di imah, jeung si mamah naha asa aya sora anak ucing ti luhureun para, ari heg teh aya ucing nu keur lahiran, kusabab asa karunya anak ucing jeung indung na di ingu, anak na dibere ngaran Monol, pedah basa eta keur usum jam Monol, ngan si Monol ari geus gede umur sataun leungit, teu balik-balik deui nepi ka ayeuna. Aya ucing anyar nu dibere ngaran tante Miaw, boga anak nu dingarana Cathy jeung kitty ngan si Kitty mah kasorang hama jadi paeh. Si Cathy ti leuleutik di ingu nepi ka gede, aya 3 taun kurang mah. Geus sering lahiran tapi anak na euweuh nu hirup, pada kasorang hama.
Ayeuna mah carita si Doris jeung si Calita, si Doris  jeung si Calita teh geus aya 2 taun leuwih di dieu, cicing jeung urang sakaluarga, da asal mula na si Doris Calita teh ku sabab baheula aya anak ucing nu leungit jadi weh urang asa sedih, teu ngeunah dahar, jadi si mamah karunyaeun terus neangan anak ucing eta ngan teu kapanggih, manggih weh  dua bilatung (anak ucing) nu dibere ngaran si Doris jeung si Calita nu keur ulin dina handapeun tangkal cau, baheula masih laleutik pisan aya umur 2 bulanan mah. Hiji waktu si Doris jeung Calita teh gering, laleuleus teu daraek dahar, terus di bawa ka dokter cenah ceuk bu dokter teh maranehna kasorang pilek mun bahasa Indonesia na mah flu. Keur ka dokter teh si Doris Calita ngan sakilo pas ditimbang ngan ayeuna mah geus 2 taun an aya 5 kg mah. Si Doris nu gembul pisan kana dahar na, ngan kudu ditungguan bae si Doris mah mun dahar teh bari di kumpul-kumpul sangu nu digalo jeung cue teh. Sanajan ucing biasa, nu sok ulin ngabur kaluar tapi da sakitu mah ka asup beresih ucing teh, si Calita nu asa jiga boneka mah bulu na lemes jeung hipu. Geus sababaraha kali si Calita lahiran tapi da sok kaguguran wae.
Si Haci teh hiji-hiji na ucing bodas di imah, tadi na mah aya 2 , Haci jeung chiko tapi si Chiko gering terus paeh. Padahal bulu na alus, aya turunan angora. Meureun ku pedah euweuh baturna si Haci jadi ngalendotan wae, sok muter dina suku, sok hayang di usapan. Ari si Haci mah ti umur sabulan di dieu, ayeuna geus aya 4 bulan mah, dahar na ge rewog, sok gandeng mun menta dahar, meong meong terus, beda jeung si doris calita cathy ari maranehna mah cicing.
Ucing teh ceuk urang mah jiga babturan, sok ngabaturan mun keur sorangan, sok aya pika lucu na, sanajan teu bisa ngomong jeung seuri tapi urang sok bisa diajak seuseurian ku tingkah polah na. Tong wani ngingu ucing ari embung jeung sieun di koet mah, masalah di koet ucing urang mah geus teu aneh deui, sanajan remen di koet ucing tapi da teu kapok-kapok ngingu ucing, da geus resep mah hese. Ucing oge boga hate, sakapeung mah jiga nu ngerti nu ku urang omongkeun ka manehna, ngerti kana ngaran masing-masing, ngerti ka saha nu sok mere dahar, ngerti mun manehna cicing di dieu, ngerti mun manehna oge hayang di pika nyaah ku manusa.






 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar